Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Thursday, April 9, 2020

Macam-Macam Babasan Sunda (bahasa Sunda)



1.     Atah anjang = langka silih anjangan
2.     Adigung adiguna = takabur, sombong
3.     Ambek nyedek tanaga midek = napsu gede tapi tanaga euweuh
4.     Anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain-lain
5.     Adat kakurung ku iga = lampah goreng hese leungitna
6.     Alak paul = jauh pisan
7.     Aki-aki tujuh mulud = geus kolot pisan
8.     Ayem tengtrem = tenang taya kasieun
9.     Asa teu beungeutan = awahing / bakat ku era
10.  Anu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan = mupuas ka nu keur cilaka
11.  Amis budi = hade paroman
12.  Aya jurig tumpak kuda = aya milik nu teu disangka-sangka
13.  Aya jalan komo meuntas = aya kahayang, tambah aya nu ngajak
14.  Awewe dulang tinande = awewe nurutkeun kumaha salaki
15.  Amis daging = babari katerap panyakit
16.  Abong letah teu tulangan = sagala dicaritakeun sanajan pikanyarieun batur
17.  Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecah sawed = ari umur geus kolot tapi ari kahayang siga budak ngora
18.  Agul ku payung butut = agul ku turunan
19.  Aya pikir kadua leutik = aya kahayang
20.  Asa ditonjok congcot = ngarasa bungah pisan
21.  Adean ku kuda beureum = ginding ku pakean meunang nginjeum
22.  Birit aseupan = teu daek cicing
23.  Biwir nyiru rombengeun = resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
24.  Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok = sauyunan, ngariung babarengan
25.  Beurat birit = hese dititah
26.  Bali geusan ngajadi = lemah cai kalahiran
27.  Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
28.  Bobo sapanon carang sapakan = aya kakurangan
29.  Bilatung ninggang dage = bungah pisan
30.  Batok bulu eusi madu = ninggang lain pitempateunana
31.  Badak cihea = degig
32.  Bonteng ngalawan kadu = nu hengker ngalawan nu bedas
33.  Babalik pikir = insap
34.  Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
35.  Balik ka temen = asal banyol jadi pasea
36.  Buntut kasiran = medit
37.  Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya
38.  Bodo kawas kebo = bodo kacida
39.  Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
40.  Bancang pakewuh = pikasusaheun
41.  Budak keur meujeuhna bilatung dulang = keur meujeuhna beuki dahar
42.  Bulu kapaut = kabawa ku batur
43.  Balabar kawat = beja nu sumebar
44.  Beak dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi can aya hasil
45.  Batan kapok kalah gawok = batan eureun kalah maceuh
46.  Buruk-buruk papan jati = hade goreng dulur sorangan
47.  Cueut ka hareup = tereh maot
48.  Deukeut-deukeut anak taleus = deukeut tapi taya nu nyahoeun
49.  Disakompet daunkeun = disamarutkeun
50.  Dibejer beaskeun = dijentrekeun, dieceskeun
51.  dogdog pangrewong = acara panambah
52.  Dibabuklalaykeun = dibabuk ngenca ngatuhu
53.  Dagang oncom rancatan emas = teu saimbang
54.  Dihin pinasti anyar pinanggih = papasten geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
55.  Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
56.  Elmu ajug = bisa mapatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
57.  Gantung denge = masih dedengeeun
58.  Ginding kekempis = ginding tapi sakuna kosong
59.  Gede gunung pananggeuhan = boga andelan pedah boga dulur beunghar
60.  Garo mengmengan = taya kasabaran
61.  Galegeh gado = sagala dicaritakeun
62.  Garo singsat = pagawean awewe dina aya ka teu panuju
63.  Gurat batu = pageuh kana janji atawa mawa karep sorangan
64.  Goong saba karia = nonjolkeun maneh sangkan kapake ku dunungan
65.  Goong nabeuh maneh = ngagulkeun diri sorangan
66.  Getas harupateun = gancang napsu
67.  Gindi pikir belang bayah = goreng hate
68.  Hampang birit = daekan kana gawe
69.  Hambur congcot murah bacot = goreng carek tapi berehan
70.  Heuras genggerong = omonganana sugal
71.  Hade gogog hade tagog = jalma sopan
72.  Hutang salaput hulu = hutangna ka ditu ka dieu
73.  Hurung nangtung siang leumpang = nu beunghar pangabogana dipake
74.  Hejo tihang = sok pundah-pindah pagawean
75.  Harigu manukeun = dadana nyohcor ka hareup
76.  Haripeut ku teuteureuyan = gancang kapincut ku pangbibita
77.  Harewos bojong = ngaharewos tapi kadenge ku batur
78.  Handap lanyap = omonganna lemes tapi ngahina
79.  Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = kahadean mangtaun-taun leungit ku kagorengan sakali
80.  Heureut pakeun = kurang kaboga
81.  Hampang leungeun = gancang tunggal-teunggeul
82.  Iwak nangtang sujen = ngadeukeutkeun pibahayaeun
83.  Inggis batan maut hinis = paur pisan
84.  Jalma atah warah = teu narima didikan sacukupna
85.  Jati kasilih ku junti = pribumi kaelehkeun ku semah
86.  Jauh-jauh panjang gagang = jauh-jauh teu beubeunangan
87.  Kawas anjing tutung buntut = teu daek cicing
88.  Kawas anjing kadempet lincar = gogorowokan menta tulung
89.  Kawas bueuk meunang mabuk = ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
90.  Kurung batok = tara indit-inditan jauh
91.  Kawas beusi atah beuleum = beungeutna beureum awahing ambek
92.  Kokolot begog = budak pipilueun ngomong kana urusan kolot
93.  Kawas nu dipupul bayu = leuleus taya tangan pangawasa
94.  Kumaha geletuk batuna, kecebur caina = kumaha behna
95.  Kejot borosot = gancang nyokot kaputusan teu dipikir heula
96.  Kabawa ku sakaba-kaba = kabawa ku nu teu puguh
97.  Kahieuman bangkong = jiga beunghar pedah katitipan barang batur
98.  Katempuhan buntut maung = batur nu boga dosana, urang nu katempuhanna
99.  Kawas cai dina daun taleus = taya tapakna
100.   Kawas jogjog mondok = teu daek repeh
101.   Kelek jalan = deukeut, tapi jalanna taya nu leumpang
102.   Kawas jeles kasaatan = teu daek cicing
103.   Kawas gaang katincak = jempe
104.   Kawas hayam panyambungan = lumbang-limbung teu puguh cabak
105.   Kawas kuda leupas ti gedogan = ngarasa bebas
106.   Kaciwit kulit kabawa daging = anak nu boga dosana, kolot kababawa
107.   Kandel kulit beungeut = euweuh kaera
108.   Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
109.   Kokoro manggih mulud = makmak-mekmek
110.   Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
111.   Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
112.   Kawas kapuk kaibunan = leuleus taya tangan pangawasa
113.   Kalapa bijil ti cungap = rusiah dicaritakeun ku sorangan
114.   Kawas kacang ninggang kajang = nyaritana capetang tur gancang
115.   Kawas nyoso malarat rosa = sangsara pisan
116.   Kulak canggeum = milik nu geus dtangtukeun ku Gusti Alloh
117.   Kembang buruan = budak nu keur resep ulin
118.   Kawas leungeun palid = uyup-ayap teu daek cicing
119.   Kawas lauk asup kana bubu = hese rek kaluar
120.   Kawas merak = beuki kana cengek
121.   Kawas cucurut kaibunan = goreng patut pisan, kulimis
122.   Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak = sauyunan
123.   Leuleus awak = daekan
124.   Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbangan
125.   Laer gado = tara daek repeh; resepna barangpenta ; kabitaan
126.   Leutik-leutik ngagalitik = awakna leutik tapi gede kawani
127.   Landung kandungan laer aisan = gede tinimbangan
128.   Lalaki langit, lalanang jagat = gagah perkasa
129.   Lauk buruk milu mijah = marok-marokkeun maneh
130.   Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
131.   Leumpeuh yuni = teu kuat nenjo nu cilaka
132.   Lodong kosong ngelentrung = jalma loba omong, pangartina kosong/ saeutik
133.   Loba luang jeung daluang = loba pangaweruhna
134.   Leutik ringkang gede bugang = manusa awakna leutik jiwana gede
135.   Legok tapak genteng kadek = loba pangalaman
136.   Meungpeun carang ku ayakan = api-api teu nyaho padahal nyaho
137.   Murag bulu bitis = teu betah cicing di imah
138.   Mindingan beungeut ku saweuy = ngarusiahkeun hiji perkara padahal batur geus nyahoeun
139.   Miyuni kembang = loba nu mikaresep
140.   Miyuni tai = loba nu mikangewa
141.   Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae batur
142.   Monyet dibere sesengked = nu rek jahat dibere parabot
143.   Mipit teu amit, ngala teu menta = cocorokot kana barang batur
144.   Monyet ngagugulung kalapa = boga elmu teu nyaho maksudna
145.   Mopo memeh nanggung = ngarasa hoream memeh digawe
146.   Maut nyere ka congona = sangsara ka kolotnakeun
147.   Malengpeng pakel ku munding = migawe nu moal hasil
148.   Nu asih dipulang sangit = kahadean dibales ku kagorengan
149.   Nete taraje nincak hambalan = tartib mapay ti handap
150.   Nyeri beuheung sosonggeteun = ngalieukan nu rek datang tapi teu jol bae
151.   Ngajul bentang ku asiwung = pagawean nu moal kahontal hasilna
152.   Ngabuntut bangkong = teu puguh tuluyna
153.   Nyolong bade = bangun bageur tapi jahat
154.   Nyeungeut damar di suhunan = barangbere hayang kapuji
155.   Nyaah dulang = ka budak ngurus daharna wungkul, pendidikannana teu dipirosea
156.   Ngeplek jawer = taya wawanen
157.   Ngadaun ngora = jadi rame
158.   Nyoo gado = ngunghak
159.   Nyalindung ka gelung = nu teu boga, kawin ka awewe beunghar
160.   Ngadu geulis = paalus-alus
161.   Ngarep-ngarep kalangkang heulang = ngarep-ngarep rejeki bari teu usaha
162.   Neundeun piheuleut = ngajak goreng
163.   Ninggang kana kekecrek = nya goreng rupa, nya goreng lampah
164.   Ngalungkeun kuya ka leuwi = nitah balik ka lemburna
165.   Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam = ari ka batur bageur, ari ka dulur medit
166.   Ngaboretekeun liang tai di pasar = nembongkeun wiwirang sorangan
167.   Ngadeupaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku ; ngareup-ngareup pamere
168.   Nyiduh ka langit = sahandapeun mapatahan ka saluhureun
169.   Ngeupeul ngahuapan maneh = ngaluskeun hiji perkara pikeun kauntungan pribadi
170.   Nangkeup mawa eunyeuh = ditulungan ahirna nyilakakeun ka nu nulungan
171.   Ngadek sacekna nilas saplasna = nyarita sajalantrahna
172.   Nyieun pucuk ti girang = miheulaan nyieun pipaseaeun
173.   Ngageuingkeun macan turu = ngahudang piambekeun batur
174.   Nulak cangkeng dina kelek = ngarasa luhur diri
175.   Oray nyampeurkeun paneunggeul = nyamperkeun pibahayaeun
176.   Paanteur-anteur julang = silih anteurkeun
177.   Panjang leungeun = daek puak-paok
178.   Panjang lengkah = jauh panyabaanana ; loba pangalamanana
179.   Pindah pileumpangan = robah adat
180.   Paeh teu hos, hirup teu neut = gering ngalanglayung
181.   Pacikrak ngalawan merak = jalma hina ngalawan nu mulya
182.   Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir = jalma lemah ngalawan nu kuat
183.   Pupulur memeh mantun = menta buruhan memeh digawe
184.   Puraga tamba kadenda = digawe tamba lumayan
185.   Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian = pakia-kia teu daek sauyunan
186.   Rea ketan rea keton = taya kakurang
187.   Silih jenggut jeung nu dugul = silih tulungan jeung nu teu boga
188.   Saciduh metu saucap nyata = sakti, ucapannana tara nyalahan
189.   Sisit kadal = goreng milik
190.   Sibanyo laleur = ngan saliwat geus beak deui
191.   Saur manuk = ngajawab bareng
192.   Sieun meubeut meulit = sieun kabawa
193.   Teu gedag bulu salambar = taya kasieun
194.   Titip diri sangsang badan = mihapekeun maneh
195.   Teu beunang dikoet ku nu keked = medit pisan
196.   Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa
197.   Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk = ti ngora nepi ka kolot
198.   Teng manuk teng, anak merak kukuncungan = kalakuan kolot nurun ka anakna
199.   Tuturut munding = sagala rupa nurutkeun batur
200.   Wawuh munding = wawuh ngan saliwat

No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts