Mbah Jambrong: “Hayang naon manéh téh Kabayan?”
Kabayan: “Nu mawi tebih-tebih abdi ka dieu téh taya sanes hoyong
kadunyaan.”
Mbah Jambrong: “Namung aya saratna. Kahiji, kudu aya duit dua ratus rébu
rupia. Kadua, sakur nu dibikeun ku Abah ka manéh kudu ditarima kalawan rido
jeung iklas. Kumaha sanggup?”
Kabayan: “Sanggem, Abah. Tah ieu artosna, mangga nyanggakeun.”
Mbah Jambrong léos ka pangkéng, teu lila torojol deui bari angkaribung
mawa kadu aya kana sapuluhna. “Tah, Kabayan lamun manéh hayang kadunyaan, ieu
kabéh bawa balik. Kadé poho sarat nu kadua nu bieu ku abah diomongkeun téa.”
Kabayan balik bari kutuk gendeng. “Dasar dukun wadul! Aing dibéré
kadu-nyaan, heueuh lain kado bobodoan!”
No comments:
Post a Comment