ONYET
Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang
poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi
di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak,
can gaduh wiwaha”.
Kang Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus
neuteup ka jauhna. Jung nangtung, babatek awak.Kang Sabri nitah pamajikanana
nyokot sapatu olah raga.
Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di
jalan komplék imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu
ngarti ka budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu
taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan
di imah, ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak
mah can boga wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku
bi Amah?
Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah
téh ukur badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu
pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.
Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé
geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu
lalaki, umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua
téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak
umurna gé rada ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél
najan kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa
tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuh datang peuting
téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé
kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW,
osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si
bungsu nu leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang
Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung
rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh, malah geus
teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut
Enin, nenehna tina nini.
Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di
komplék imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh.
Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna.
Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak
téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa
nyebut ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu
bungsu ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé
budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur mah budak lalaki jeung
bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah éstu
siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok
disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut
tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun
lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar jeung lauk emas
atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.
Sadar kana karumasaan sok tambélar ka kulawarga,
kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah, ambih
bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan
kaliwat, ngan can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé
Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak,
meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari
gogonjakan, sakalian mépés késang.
Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari
rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah
keur mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa, kadu tos dikintun opat
puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK
apaleun, ganti ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku
abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari
nutup hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa
bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling
deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang
rerencepan da kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur
diheureuyan ku lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang,
enyaan budak téh sonagar.
Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur
heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh
rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…”
tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina
hayang heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu
ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu
ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana,
gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil, ngaguluyur teuing
kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh
onyét téh.
Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari
rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka
barudak, kitu wé maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah,
maké sarung leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana,
babawaanana mah cul wé nambru di tengah imah.
Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca
buku umum gé dokoh, pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu
awon kanggo pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri
dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib.
Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok
terus ngadongéng, tara lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu
didongéngkeun téh monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak
mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya,
monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah “Tah urang mah teu kénging siga onyét,
teu kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging
ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh
haram, komo upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi
onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka
lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung
indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.
Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé
tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah
suci bersih kénéh, boa urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh
kalepatan boh saur agama boh darigama”.
Poe Saptu
isuk isuk Kang Sabri geus saged, ti mimiti meresihan motor, meresihan jeket,
jeung bebekelan, enya mawa timbel.
Poe ieu poe
Saptu, biasana sok marema, da pagawe pabrik sok loba nu baralik ka lemburna.
“Akang
kahade anteurkeun heula si Sujang ka sakola…”
“Heug….geus
mandi encan si Sujangna..?”
“Enggeus,….keur
dibaju heula…!”
Satengah
tujuh, Kang Sabri geus ngadius, bari ngabonceng anakna, rek dianteur heula ka
sakola.
“Balikna mah
leumpang we Sujang, tong hayang dijemput sagala, pan ieu teh pos Saptu sok
marema ojeg teh.”
Si Sujang
unggeuk.
Enyaan we
marema ojeg teh, nepi ka jam 10 teh Kang Sabri geus narik opat balikan, malah
aya nu rada onjoy sagala da menta di tarik ka Sawah Gede, teu wudu mayarna rada
gede.
Kira kira
keur poe manceran, aya budak awewe nu menta dianteurkeun, teu loba tatanya deui
Kang Sabri langsung nyanggupan, motor dihirupan, budak awewe diuk di tukang,
geuleuyeung motor indit.
Palebah
jalan anu lenglang, budak awewe ngagerewek, hayang eureun.
“Eureun
Kang,…kuring mah rek turun didieu we,….”
Puguh we
Kang Sabri kaget, motor dierem disakalikeun, motor meh mehan ngagaleong.
“Kunaon
Nyai….kapan jauh keneh….”
“Embung
….kuring mah kajeun leumpang we….”
“Naha
Nyai…?”
Si Nyai
bibirigidigan, bari nunjuk kana motor.
“Eta…motor…jeung
awak akang euweuh kalangkangan…”
Astagfirullah……Kang
Sabri sababaraha kali istigfar, bari jeung rurat reret kana motor jeung awakna,
enya geuning dirina teh euweuh kalangkangan, padahal harita panas poe ereng
erengan.
Sajongjongan
Kang Sabri ukur ngahuleng, bareuheudeun, teu ucap salemek lemek acan.
Si Nyai anu
tadi di bonceng geus leumpang miheulaan, malah siga nu lumpat duka teuing
sieuneun duka teuing kumaha pikiranana.
Awak Kang
Sabri asa leuleus lir di pupul bayu, teu kuat nangtung, manehna ngalungsar sisi
jalan, atuh motor tetep ngabagug, pikiran baluweng naha bet kieu.
Geus rada
leler tina kareuwasna, jung nangtung, bari tetep alak ilik kana dirina, teu
poho nyabakan motor, enya euweuh kalangkangan.
Lahlahan
motor dihirupkeun deui, hirup saperti biasa, euweuh kakuranganana, terus
ditumpakan, ngadius balik deui, bari nyemprung tumpak motor pikiran uleng naha,
kunaon ieu teh….., leong motor dipengkolkeun ka sakola si Sujang, sugan geus
bubar sakolana, sakalian rek dijemput.
Enya barang
nepi ka buruan sakola si Sujang keur leumpang, bari cacamuilan ngadahar cilok,…”
Sujang…buru buru naek, urang balik…”
Si Sujang
atoheun nu aya, atuh buru buru ngajleng kana pangboncengan, motor ngadius balik
ka imah, sajajalan Kang Sabri teu weleh rurat reret ka jalan ningalian
kalangkang, heueuh nu kaciri teh ngan kalangkang awak si Sujang siga nu
ngadaplok teu puguh , dina hatena Kang Sabri sababaraha kali istigfar, paingan
si Nyai nu tadi dianteurkeun ngajleng embung dibonceng, da enya ningali kitu
mah bet asa ningnang.
Sanepina ka
imah, kang Sabri neundeun motor dinu iuh, dipipir imah, atuh manehna langsung
asup ka enggon, ngabebengkang awak nangkarak bari panon ngaherang. Ti pipir
imah kadenge pamajikanana ngagorowok…” Naha Sujang wayah kieu geus balik..?”,
“Har …kapan
tereh da di jemput ku bapa…!”
“Kutan,
maneh di jemput ku bapa, na bapa na kamana ayeuna..?”
“Aya di
jero…”
Ningali Kang
Sabri nu ngabebengkang kitu, puguh we pamajikanana reuwaseun.
“Kunaon
kang…gering..?”
“Hemh..”
ukur kitu kang Sabri ngawarona.
Teu lila ti
harita Kang Sabri nguniang hudang “ Nyi..Akang deuk ka Pa Mantri heula…”
“Deuk ka Pa
Mantri wayah kieu….wayah kieu mah di Puskesmas keneh atuh…., ku naon kang
gering..?”, bari ngomong kitu teh leungeuna ngaragamang kana tarang kang Sabri,
nyampa bisi panas.
“Ah
henteu,…ngan ieu awak asa lalungse..!” bari dug ngedeng deui.
“ Ngopi
atuh…!”
“ Heueuh
pang nyieunkeun atuh….”
Pamajikanana
ngaleos kadapur…” make gula kawung atawa gula bodas kang…?”
“Gula bodas
we….ambih nyerep amisna..!”
Bari
ngararasakeun ngeunahna cikopi, Kang Sabri uleng mikiran naha bet aing teu boga
kalangkang, da rarasaanana mah euweuh nu karasa, boh rieut, boh pegel linu
atawa naon we nu kasebutna gering, awak jagjag waringkas atuh pipikiran teu teu
owah, ieu ge yeuh cai kopi rasana sarua jeung cai kopi nu karasa kamari, atuh
sora budak, sora si Sujang sarua siga kamari teu beda dedengean, hiliwirna
angin tina jandela karasana sarua matak seger kana awak, atuh tetenjoan kitu
keneh.
Beak cikopi
sagelas karasa awak leuwih seger, Kang Sabri cengkat, alak ilik kana beker,
leuh lohor meh ahir, gura giru ka cai, teu ka pancuran siga biasana, wudu ukur
dupipir caina tina kele, karasa tiis nyecep.
Sholat
kalawan husu, ati gembleng pasrah ka Mantena, teu daya teu upaya anging Allah
nu kawasa, nyanggakeun kana kersaNa.
“Kang geura
dahar atuh….bisi geringna katutuluyan….” ceuk pamajikanana ti dapur.
Di dapur
dahareun geus nyampak, indungna si Sujang kaprak keprek keur ngakeul sangu,
dina piring kaciri aya pais lele kaambeu melenghir seungit surawungna, dahar
teu pati mirasa, biasana mah ari aya pais lele teh meh mehan parebut jeung si
Sujang, da pangabeuki nurun ka bapa, sarua segutna kana pais lele teh.
“Geuning
ancin kang…?”
Kang Sabri
teu ngajawab, sanggeus kokocok leungeun anggur melenyun udud.
“Tuh timbel
nu tadi ge aya keneh dina motor, can kacabak…”
Ceuk
gerentes hatena …naha aing mending ngomong ka indungna si Sujang kitu, naha rek
percayaeun manehna, ma enya ku aing kudu dituyun ka hareupeun imah ngadon
papanasan, naha moal matak ear….beu…….
Beak roko
sabatang manehna ngagoledag deui.
“Ari si
Sujang kamana…?”
“Cikeneh mah
aya…!”
“Cik geroan
sina kadieu pang meulikeun roko kituh…”
“Sujang…kadieu,
ieu bapa pang meulikeun roko…”
Sabenerna
mah lain hayang hayang teuing dipangmeulikeun roko, nu puguh mah hayang nyaho
naha si Sujang nyahoeun atawa henteu yen awak jeung motor manehna euweuh
kalangkangan.
“Roko naon
bapa jeung kaman meulina..?”
“Roko
keretek, ka warung Ua maneh..”
“Sujang…ari
maneh geus bisa kana motor…?”
Ditanya kitu
teh si Sujang ukur ngaheheh.
“Eta tuda
tadi waktu di bonceng mani sakitu tipepereketna, ke geus gede maneh kudu bisa,
sahenteuna bisa nalangan bapa, bisi bapa gering, ari tadi basa dibonceng teh
genah…?”
“ Nya genah
atuh Pa….ngararasakeun angin kana ceuli..ngahiuk,….”
“Eta sugan
teu rarat reret kana taneuh, titincakeun ban…”
“Henteu..peureum
we da…”
“Heueuh
atuh…ngan lamun geus gede heug mawa motor, kahade kudu ningali jalan
titincakan, jeung ulah peureum…bisi ngagaleong.”
Alhamdulillah,
si Sujang teu nyahoeun, gerentes hatena.
Sholat asar
jeung sholat magrib teh husu pisan, make jeung ngaberebey cimata sagala, atuh
ngadoa ge mani lila, anu biasana mah cong cong leos tea, harita mah kabeh
sagala doa nu apal digerenteskeun.
Bada magrib
leos indit ka imahna Pa Mantri, niat teh hayang dipariksa we bisi aya nu aneh
dina awak, sugan ari ku mantri kasehatan mah kapanggih sabab sababna, rek
balaka we, tibatan jadi bangbaluh, da geus puguh ari ukur dipikiran ku sorangan
mah euweuh hasilna.
Jrut turun
ti imah teh make ngucap bismilah heula nu kacida tartibna, atuh sapanajang
jalan anu geus mimiti poek babacaan sabisa bisa.
Kabeneran Pa
Mantri keur aya, malah kacirina mah kakara jol, da siga can ucul ucul, masih
keneh make pakean saragem.
“Aya naon
Jang Sabri,…asa sisinarieun ieu teh…” kitu teh bari sur sor silih asongkeun
leungeun sasalaman, dina korsi sareretan Kang Sobri ningali kalangkang leungeun
sorangan, ngan can pati bleg kalangkang aya riak riak siga kalangkang kaca, ter
hatena ngageter, degdegan.
“Nu mawi ieu
teh hoyong diparios, ieu awak asa lalungse, sareng…ieu dada asa gegeberan…”
Pa Mantri
mariksa kalawan taliti.
“Ah teu
nanaon geuning,…..ari mawa ojeg teh kudu make jeket anu kandel, komo mun jalan
peuting mah, bisi asup angin, jeung bisi dada karancang…naon geuning disebutna
teh paru paru basah….”
Kang Sabri
unggut unggutan, dijero hatena mulek, naha kudu balaka, atawa entong,…ah teu,
teu kudu balaka, kapan bieu ge geus kaciri kalangkang aing teh geus aya sok
sanajan kakara kelemengna, siga kalangkang kaca.
“Tah bawa we
obat ieu..” ceuk Pa Mantri bari mere sababaraha siki pel.
“Obat naon
Bapa ieu teh,..?”
“Vitamin eta
mah, ambih awak jagjag…!”
Sanggeus
babayar Kang Sabri amitan, teu poho uluk salam bari sasalaman, panona ngareret
kana kalangkang, enya aya ngan tetep siga kalangkang kaca.
Sigana Pa
Mantri teu nelek nelek kalangkang, da teu openan, anggur kalahka kaprak keprek
mereskeun tas wadah obat.
Palebah
pengkolan jalan muru balik ka imah, kadenge adzan isya, Kang Sabri teu terus
mulang tapi mengkol ka masjid, dina hatena bari sakalian rek manggihan Mama
Jarkasih, geus lila tara munjungan.
Datang ka
masjid pas keur komat, ngahaja asup teh dina sap kadua, salila sholat, ati
manteng ka Mantena, surat Alfatihah nu dibaca ku Mama Jarkasih, karasa nyerep,
dina sujud ka dua dina rakaat ahir, rada lila manteng ngadu’a.
Sanggeus nu
sejen nungtutan baralik ka imahna sewang sewangan, Kang Sabri ngadeukeutan Mama
Jarkasih, bari nyolongkrong ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman, kang Sabri
ngareret kalangkang leungeunna geus sabihari deui, bakating ku atoh langsung
nubruk ka Mama Jarkasih, ngeukeuweuk pananganana, bari jeung reumbay cimata,
ceurik ngagukguk. Puguh we Mama Jarkasih siga nu reuwaseun ningali kalakuan
Kang Sabri kitu teh
“ Ke
ke…kunaon Jang Sabri teh…Mama mah asa rareuwas ieu teh..!?”
Kang Sabri
teu balaka, naon nu sabenerna nu jadi bangbaluh hate, harita nu kedal rumasa
lur jeun ka kasepuhan, geus puguh ari ka kolot sorangan mah da geus teu aya
dikieuna duanana.
Sare teh
peuting ieu mah teu tibra, Kang Sabri guling gasahan, lamun seug kabeh salembur
nyarahoeun, yen kalangkangna euweuh, beu pimanaeun earna, pimanaeun matak
helokna, sok sanajan sabenerna ngarasa teu kaganggu, da awak mah cageur,
beleger, atuh pipikiran asana teh sarua teu kaganggu.
Isuk isuk,
satutas solat subuh, Kang Sabri ngahaja neger negerkeun awak ngadon kikiplik
siga nu olah raga ngabatek awak, nu puguh mah ngadagoan panon poe, hayang geura
jentre ningali kalangkang. Panon poe meletek ti beulah wetan ngempur cahayana,
ting buricak tina sela sela daun nu keur reumisan keneh, Kang Sabri muru kanu
lega bari tetep ulak ilik ningalian kalangkang….”Alhamdulillah…aya geuning
kalangkang teh jeung jentre ayeuna mah…”
Ti lebak
kadenge motor ngadudud, sihoreng baturna sasama tukang ojeg.
“Bri…kamari
teh basa kuring nganteur panumpang ka lembur peuntas, di ditu aya budak awewe
keur hariweusweus majarkeun aya tukang ojeg euweuh kalangkangan, waktu ditanya
saha sahana, eta budak teh ngan teu nyahoeun ngaranna ngan lamun disaruakeun
jeung dedeg pangadegna mah sigana didinya…”
Kang Sabri
nempas…” Lah…lahuta teuing moal enya aya jalma euweuh kalangkangan sagala,…tuh
tingali apan sakitu jentrena, panjang deuih, engke lamun tengah poe keur ereng
erengan kalangkang kuring jadi mondokan…” kitu teh bari nunjuk kana
kalangkangna sorangan.
No comments:
Post a Comment