Beranda

Friday, July 20, 2018

Soal Ulangan Bahasa Sunda Kelas 3 SD

I.  Cakra (X) aksara a, b, atawa c dina jawaban anu bener !


  1. Nu kaasup istilah keagamaan nyaéta …..
a. imah                                     b. masigit                     c. balé  desa

  1. Kang Asep meser obat di apoték. Apoték kaasup istilah ..….
a. kaagamaan                           b. kasehatan                c. usum-usuman

  1. Jung, Indit kaditu ! Eta kalimah digolongkan kana basa ……
a. kasar                                    b. sopan                       c. sedeng

  1. Ayeuna mah geus mimiti halodo. Halodo hartina ……
a. hujan bae                             b. hujan gede               c. teu aya hujan

  1. Kolot ti Bapa atawa ti Ibu disebut …..
a. mamang jeung bibi              b. aki jeung nini           c. adi jeung kaka

  1. Usum hujan sok disebut  …..
a. ngijih                                   b. halodo                     c. pakanci

  1. Dimana mésér buku ieu Doni ? Kalimah ieu disebut kalimah ……
a. panitah                                 b. pananya                   c. maksud

  1. Tata resep kana maén bal. Maén bal kaasup istilah …..
a. olahraga                               b. kaulinan                   c. pagawean

  1. Ciri kalimah pananya nyaeta maké tanda ……..
a. titik                                      b. panyeluk                  c. pananya

  1. Kecap Tanya dibere rarangken hareup Pa – jadi  …..
a. tanya                                    b. ditanya                    c. patanya


II. Jawab soal-soal dihandap ieu ku jawaban anu bener !


1.      Sebutkeun 3 ngaran istilah keagamaan !
2.      Sebutkeun 3 istilah usum-usuman !
3.      Saha ari aki jeung nini teh ?
4.      Wayang Golek kasenian asli ti daerah mana ?
5.      Sebutkeun 3 ngaran kadaharan, tuluy jieun jadi kalimah !
6.      Gégép parabot paranti naon ?
7.      Ari meulah kai kudu make naon ?
8.      Kecap tunjuk dirarangkenan ku aksara N (Nasal) jadi ?
9.      Guru kelas tilu.
Kalimah diluhur benerkeun jadi kalimah Tanya !
10.  Jieun ku hidep kalimah pananya keur jalma nu dipihormat jeung kalimah pananya keur babaturan !


2 comments:

About