Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Friday, July 20, 2018

Soal Ulangan Bahasa Sunda Kelas 2 SD

I.  Cakra (X) aksara a, b, atawa c dina jawaban anu bener !


  1. Lamun motong kai kudu maké ….
a. bedog                      b. peso                         c. gégép

  1. pakakas keur beberésih nya eta….
a. boboko                    b. sapu                         c. ragaji

  1. Pakakas paranti kurat-keureut nya eta ……
a. sendok                     b. gelas                        c. peso

  1. Gelas pakakas paranti ……
a. meulah kai               b. nginum                    c. dahar

  1. Kadaharan nu rasana amis nyaeta …..
a. sambel                     b. uyah                                    c. dodol

  1. Sambel rasana …..
a. amis                         b. haseum                    c. lada

  1. Asep, to angkat Bu ?
Kalimah ieu eusina ngedalkeun ……
a. Pananya                   b. panitah                    c. maksud

  1. Di sakola aya kebon kembang. Kebon kembang disebut …..
a. buruan                     b. taman                      c. pepelakan

  1. Mang Jajang ngala bonteng. Bonteng kaasup istilah ……..
a. tutuwuhan               b. kaulinan                   c. tatanen

  1. Tempat mélak pare sok disebut …..
a. kebon                       b. taman                      c. sawah


II. Eusian titik-titik dihandap ieu ku jawaban anu bener !


1.      Mang Sakim nyabutan eurih. Kecap eurih dimimitian ku aksara vokal .…
2.      Wajit ngaran kadaharan nu rasana …….
3.      Pamupus nyaeta pakakas paranti ……. di bor
4.      Pacul, kecap Pacul dimimitian ku aksara ………
5.      Saha nu jadi juara kelas teh ?
      Kalimah ieu disebut kalimah ……..




6.      Kolot hidep nyaeta…….
7.      Dahar isuk-isuk disebut ………..
8.      Kolot lalaki disebut ……..
9.      Korsi gunana paranti …….
10.  Diajar kudu rajin. Rajin sabalikna tina ……..


III. Jawab soal-soal dihandap ieu ku jawaban anu bener !
1.      Tulis 3 ngaran pakakas !
2.      Tulis 5 istilah Tutuwuhan !
3.      Jieun ku hidep 2 kalimah pananya !
4.      Sebutkeun dua ngaran pakakas nu aya di sakola !

5.      Guna tata tartib sakola keur ngatur supaya ? 

No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts