Kecap Kantetan
Kecap kantetan nya eta eta kecap nu
diwangun ku dua kecap atawa leuwih sarta ngabogaan harti anu beda tina kecap nu
jadi bagian wangunannana.
Nurutkeun aturan ejaan heubeul
nuliskeunana aya nu kudu dikantetkan, aya nu dipisahkeun keneh.
Nurutkeun palanggeuab ejaan lembaga
basa jeung sastra Sunda nuliskeun kecap-kecap kantetan teh kieu :
1)
Anu kaasup kana kecap kantetan, nya eta kecap anu
diwangun ku dua kecap atawa sarta boga harti mandiri. Kecap nu kitu dituliskeun
make geret : indung- bapa, kolot-budak, beurang-peuting, laku-lampah,
meja-lukis, kareta-api jst.
2)
kecap-kecap kantetan anu ngandung harti sifat atawa
kahanan (kaayaan) oge ditulisna make geret : bongkok-meongeun, sentak-bodakeun,
geutah-bantengeun, leko-monyetan jst.
3)
Kecap kantetan anu geus awar pisan dianggap kecap asal
ditulisna dihijikeun : amisinata, kacapiring, kutukuya, hulubalang, panonpoe
jst. (Bandingkeun : Daun kumisucing, sok dipake ubar = kumis ucing teu kawas
kumis jelema)
Sakapeung sok aya aksara irung nu
ditambahkeun rangkan lugu kadengena kajadian nu kitu disebutna Nasa leuing (Sora
nasal – sora ngirung, indon, bunyi, sengau) Conto : sejen tina ..Nasaleuing
Sakum – rangkum (ng), kapak-kampak,
tepian-tempian, paeuran-paneuran, matak-mantak, sisireumeun-singsireumeueun.,
djst.
Dina sawatara kecap deui sok aya
aksara anu pahili-hili, tapi pindah tempat. Katangenna sawareh mah, lamun
dibandingkeun jeung basa sejen saperti diluhur.
Contona :
1.
Aksara r – d : irung-hidung, pare-padi,
nyiram-mengidam, hirup-hidup, dua-rwa jst.
2.
Aksara r-l : raris-laris, ruing-liung, sarira-salira, rentang-lentang,
peulong-pelong, para-pala
3.
Aksara o-l : Duhur-lohor, duwur-luhur, dua-loro (orang
tiang hoa : duit-luih, datang-latang)
4.
Aksara b-w : belas-welas, rebu-rewu, belang-welang,
banawasa-wanawasa, buri-wuri.
5.
Aksara R-B : rabut-babut, rahayu-bahayu, ruhun-buhun,
regeng-begeng, rantay-bantay
6.
Aksara H-S : Hang-sang, hieum-sieum, hiji-siji,
hiling-siling, heug-seug, hieng-sieung
7.
Aksara c-w : caringin-waringin, ranca-rawa, caduk-waduk
Dina nengetan kecap-kecap nu sarua jangkauna jeung
kecap-kecap nu sawandana tadi geus kanyahoan yen karuhun urang dina prakna
ngawangun rupa-rupa kecap teh heunteu sagawayah, tapi make dasar-dasar jeung
aturan-aturan nutangtu, sangkan surup jeung leuleumbutna,malar karasa endahna,
nyerep kana sanubari.
Conto : tadi geus mere gambaran, yen sora jeung harti tea, urang nyutat
saeutik tina buku “Seni Sastra Sunda” kenging Tbg. Roesyan gambar sora “A”.
Upama urang
ngunikeun A, sungut teh calangap leuwih-leuwih ti lamun urang ngunikeun aksara
sejenna. Nya A teh tuduh kana buka. Susurupan kecapna :
keunay-utah-semah-dewang-gudawang-bolewak-calawak-calangap-singsat-baragadal-taranjang-calawakan-babarakatakan.
Sarupa sugrining wiwitan ( A teh
aksara kahiji tina ALFABET) sok rampang sarua basa jan, heula, tacan,
sarosopan, tacan aya raehan, nyaeta aneh upama dina sajarahna singsarua harti
rampang papah kitu mumpung deui dina A teh, saperti dina kecap-kecap : cepak
hempak, pangkas-papas, pada sarua litarata-walatra.
1. Banguna basa
|
12. Vokal bacarakan
|
2. Fungsi basa
|
13. Basa kasar
|
3. rupa-rupa lingkungan basa
|
14. Basa panengah
|
4. Sora
|
15. Basa sedeng
|
5. Engang
|
16. Basa lemes
|
6. Kecap asal jeung jangkar
kecap
|
17. Kecap sawanda
|
7. Kalimah
|
18. Synonim
|
8. Lagu Basa : 1. Dinamis
|
19. Homonim
|
2. Temporal
|
20. Metatosis
|
9. Lagam Basa : 1. Melodis
|
21. Asimilasi
|
2. Temporal
|
22. Disimilasi
|
10. Cacarakan Sunda
|
23. Nalasering
|
11. Rangkan cacarakan Sunda
|
24. Kecap Rajekan
|
No comments:
Post a Comment