Kocap kacarita Sang Hyang Adama saparantosna
diturunkeun ka alam dunya sareng dihampura dosana, ngadeg raja di
Kusniamalabari, ngaratuan sato kewan. Daharna tina pamuja. Sang Hyang Adama
nyiptaken taun surya sareng taun candra, teras nyipta Tanajultarki kangge
miwitan pepelakan na taun 129 SA atawa taun 133 CA. Teu lami bojona Sang Hyang
Adama nyaeta Dewi Hawa babaran kembar dampit putra-putri. Kembar dampit kahiji
rupana awon, kadua sae, katilu awon, kaopat sae, kalima awon, kitu saterasna
dugi opat puluh dua kali, nanging anu kagenep sareng ka opat puluh hiji teu
dampit.
Saparantosna gaduh putra lima dampit, Sang Hyang
Adama bade ngajodokeun putra-putrina. Putra anu gagah dijodokeun sareng putri
anu awon. Putri anu geulis dijodokeun sareng putra anu awon. Jadi teu
dijodokeun saluyu sareng dampitanna.
Ari pangersana Dewi Hawa, putra-putrina dijodokeun
saluyu sareng dampitanna, anu gagah dijodokeun sareng anu geulis, anu awon
sareng anu awon. Jojodoan iyeu jadi pasulaya antara Sang Hyang Adama sareng
Dewi Hawa. Pasulayana ngantos rebutan kawasa ngaluarkeun rahsa anu diwadahan ku
cupumanik sareng dipujakeun ka Gustina.
Saparantosna dugi kana wancina, cupumanik dibuka.
Rahsa pamuja dina cupumanik Sang Hyang Adama janten babayi nanging ngan
raragana wungkul; sedengkeun rahsa pamuja dina cupumanik Dewi Hawa ngawujud
getih. Dewi Hawa ngarasa nalangsa ku kaayaan eta.
Jabang bayi anu aya dina cupumanik Sang Hyang Adama
kena ku dihim pinasti janten jabang bayi anu sampurna kacaangan ku cahya
nurbuat sareng aya sasmita ti Gusti nami eta jabang bayi teh Sang Hyang Sita.
Mantenna suka bungah anu teu aya papadana.
Teu lami aya gara-gara, cupumanik Sang Hyang Adama
katiup angin puyuh lilimbungan tumiba kana teleng sagara hideung. Cupumanik
kacekel ku Danyang Azazil, ratu banujan anu ngawasa sagara hideung.
Ahirna Dewi Hawa manut kana aturan jojodoan Sang
Hyang Adama. Sadaya putra-putrina lobana opat puluh dampit, sareng aya anu dua anu
teu dampit nyaeta Sang Hyang Sita sareng Dewi Hunun.
No comments:
Post a Comment