Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Tuesday, September 24, 2019

Catatan Bahasa Sunda Kecap Rajekan


B. Kecap Rajekan
            Kecap rajekan nyaeta kecap-kecap anu diucapkeun dua kali boh sabagian tina eta kecap, boh sageumblengna kalawan robah sorana atawa heunteu. Kana kecap rajekan kaasup keneh kecap nu diucapkeun tilu kali bari dirobah sorana.
            Kukituna kecap rajekan teh bisa dibagi 4 bagian atanapi opat rupa :
  1. Dwi Purwa
  2. Dwi lingga
  3. Dwi Wasana
  4. Tri Lingga

1. Dwi Purwa
Nyaeta kecap-kecap nu dirajek engangna nu mimiti Purwa=heula, mimiti, hareup. Ku dirajek kitu teh nya timubl kecap-kecap nu hartina :
  1. migawe leuwih ti sakali
Contona : Tutunjuk, sesepak, tatajong jst
  1. lila ngalampahkeunnana
Contona : babanda, bibilintik, bubuara, jst
            (kukumpul tina saeutik nepi ka loba)
  1. Rupa-rupa nu dipigawena
Contona : babantu, bebenah, mopolah, jst
  1. Nyieun kecap barang tina kecap sipat
Contona : hihideung, mamanis, sesekeut, jst
  1. Nuduhkeun kecap barang nu siga asal kecapna
Contona : bubuntut, sisiku, mamatam babantal, jst
  1. Nu geus leungit asal kecapna
Contona : pipiti, pepetek, jst petey
  1. Nyieun kecap barang tina kecap pagawean
Contona : cacapek, kakait, tutunjuk, guguling
  1. Nyieun kecap barang cicipta atanapi abstrak
Contona : papayung, bebenteng, kokojok
                  (pangkat), (kakuatan)
cacapek è keur sato
Dwi Purwa anu make rarangken an hartina :
  1. lila atawa leuwih ti sakali
contona : susurakan, seserian, pipindahan jst
  1. barang tiruan
contona : momobilan, kukudaan, jejelemaan, jst
  1. nu ngandung harti rupa-rupa
contona : kekembangan, bubuahan, pepelakan, dangdaunan, jst
  1. ngaran bagian badan
contona : mumuncangan, pepeteyan, cecekotan, jst
  1. mindeung makena
contona : momobilan, momotoran, bebecaan, jst.
Dwi purwa make rarangken eun anu ngandung harti :
  1. Nuduhkeun rasa
Contona : singsireuman, titikuheun
  1. Nuduhkeun kanyeuri
Contona : uuseupeun, sisidueun, jengjerikeun, jst
  1. Nuduhkeun adat atawa kalakuan
Contona : pupujieun, beubeulieun, bubudakeun, jejepangeun
  1. leuwih ti sakali
contona : dedeieun, eueuriheun, gegemeueun, jst

A. Dwi purwa nu make rarangken di hareup bakal diterangkeun sawareh dina bagian kecap rundayan. Upama ditilik wangunnana, dwi purwa teh bisa dibagi 4 rupa :
  1. Anu sampurna : sespak, tatajong, bubuaya, popolah, bibilintik
  2. Anu dikurangan sora irung dina engangna dirajek : babantu (heunteu babantu), tutunjuk, babanda
  3. Anu ditambah rarangken jadi kecap rundayan :
Dadamping, pakokolot, seuseurian, bubudakeun
  1. Anu ditambahan rarangken bari ditambahan aksara irung
Bongborosan, singsireumeun, deungdeuleueun
2. Dwi Lingga
Dwi lingga nyaeta kecap-kecap nu diucapkeun dua kali sageumbleungna sarta sajeraning kitu aya nu teu dirobah sorana jeung aya nu dirobah.
            Dwi lingga anu asal tina saengang lolobana geus dianggap kecap asal. Nu teu robah sorana ngarana dwi murni. Ari nu robah sorana disebut dwireksa.
Dwi murni hartina :
  1. loba : buku-buku, jalma-jalma, gunung-gunung djst
  2. nuduhkeun barang nu siga asal kecapna : kuda-kuda, tangan-tangan, siku-siku djst.
  3. ngatepkeun : enya-enya, jongjon-jongjon, ngeunah-ngeunah djst.


No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts