Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Tuesday, September 24, 2019

Basa Lulugu jeung Basa wewengkon


Basa Lulugu
            Nu disebut basa lulugu nyaeta basa nu dijieun patokan ku hiji bangsa, tangtu bae basa pilihan lain bae kaharti ku urang mana bae di Pasundan. Tapi basa anu sopan, anu jembar anu benang dipake kaperluan naon bae di masyarakat keur kaperluan basa lisan,boh keur kaperluan basa tulisan.
            Pangpangna basa anu bisa nembongkeun ka urang luar, yen urang Sunda teh luhur kabudayaannana. Jadi basa teh ukuran kabudayaan hiji-hijina bangsa. Lamun bangsa geus ngalumayankeun kana basana, tegesna geus ku malire saur na bae hartina jelma ngareundahkeun kabudayaan jeung karuhun.
Basa Wewengkon (dialek)
Basa wewengkon nyaeta basa anu kaharti teh ngan ku salelewek (satempat) eta bae.
            Umpamana : Basa wewengkon kuningan, ciamis, cianjur,. Ku pangreana pisan basa wewengkon nyaeta basa kuningan, ciamis jeung Banten. Guna in sabalikna contona :
            Basa wewengkon Kuningan
            Endi                -           mana
            Teah                -           handap
            Nungkol          -           batu
            Celon              -           angen jst
Basa wewengkon Cimahi
            Paksengok                   -           nyengok (kana sora kareta api)
            Saalit                           -           saeutik
            Baju teu waras                        -           baju teu bener, baju goring
            Uah-uih                       -           buru-buru
            Batingilad                   -           teu boga sa……..acan, upama kana duit imah jst
Basa wewengkon Banten
            Janang             -           baju
            Nya                 -           da
            Bikang            -           pamajikan
            Dia                  -           maneh
            Gali jasa          -           hese pisan
            Sabodo amat   -           masa bodo
            Doang             -           bae, wungkul jst

Basa lemes jeung Basa Kasar
Dina hirup kumbuh sapopoe, basa sunda teh aya dua rupa :
  1. Basa Kasar
Basa kasar nya eta basa biasa atawa basa umum. Basa paranti nyaeta sapopoe,dipake ku saha bae. Keur saha bae, teu milihan luhur atawa handap, kolot atawa budak, jadi basa anu pohara lagacana : imbang-imbangannana sarua jeung basa Indonesia. Heunteu rea unak anik atawa tingkatanna. Tapi lain basa resag atawa cohag di saruakeun jeung basa paranti nyarekan : disebutna basa kasar soteh pedah henteu diganti kecap-kecap na :
Cara upamana :    leungeun diganti ku panangan,
                             Irung diganti ku pangambung, samping diganti ku sinjang jst
Ari anu disebut basa resag atawa cohag mah nyaeta basa anu kasar pisan, basa anu bisa dipake nyarekan atawa basa keur sato.
Contona :        hulu – tangkorak                                 Dahar – teuteureuy
                        Leungeun – kokod                              Balik – mantog
                        Suku    - cokor                                    Imah – gogobrog jst
                        Hees – molor
                       
Basa anu kitu mah biasana dipake ku jalma anu teu mantra pisan kana didikan boh didikan kaagamaan boh didikan kasakolaan.
Da jelema anu geus ngambeu pangajaran mah, entong boro ka deungeun ka anakna oge sok make basa lemes, komo ka budak anu leutik keneh mah. Dina kentenna make basa lemes,sakurang-kurangna make basa biasa nyaeta anu diluhur disebut basa kasar tea (basa loma)
             

No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts