Basa Lulugu
Nu disebut
basa lulugu nyaeta basa nu dijieun patokan ku hiji bangsa, tangtu bae basa
pilihan lain bae kaharti ku urang mana bae di Pasundan. Tapi basa anu sopan,
anu jembar anu benang dipake kaperluan naon bae di masyarakat keur kaperluan
basa lisan,boh keur kaperluan basa tulisan.
Pangpangna basa anu bisa nembongkeun
ka urang luar, yen urang Sunda teh luhur kabudayaannana. Jadi basa teh ukuran
kabudayaan hiji-hijina bangsa. Lamun bangsa geus ngalumayankeun kana basana,
tegesna geus ku malire saur na bae hartina jelma ngareundahkeun kabudayaan
jeung karuhun.
Basa
Wewengkon (dialek)
Basa wewengkon nyaeta basa anu kaharti teh ngan ku salelewek
(satempat) eta bae.
Umpamana : Basa wewengkon kuningan,
ciamis, cianjur,. Ku pangreana pisan basa wewengkon nyaeta basa kuningan,
ciamis jeung Banten. Guna in sabalikna contona :
Basa
wewengkon Kuningan
Endi - mana
Teah - handap
Nungkol - batu
Celon - angen jst
Basa wewengkon Cimahi
Paksengok - nyengok (kana sora kareta api)
Saalit - saeutik
Baju
teu waras - baju teu bener, baju goring
Uah-uih - buru-buru
Batingilad - teu
boga sa……..acan, upama kana duit imah jst
Basa wewengkon Banten
Janang - baju
Nya - da
Bikang - pamajikan
Dia - maneh
Gali
jasa - hese pisan
Sabodo
amat - masa
bodo
Doang - bae,
wungkul jst
Basa lemes jeung Basa Kasar
Dina hirup
kumbuh sapopoe, basa sunda teh aya dua rupa :
- Basa Kasar
Basa kasar nya eta basa biasa atawa basa umum. Basa paranti nyaeta
sapopoe,dipake ku saha bae. Keur saha bae, teu milihan luhur atawa handap,
kolot atawa budak, jadi basa anu pohara lagacana : imbang-imbangannana sarua
jeung basa Indonesia. Heunteu rea unak anik atawa tingkatanna. Tapi lain basa
resag atawa cohag di saruakeun jeung basa paranti nyarekan : disebutna basa
kasar soteh pedah henteu diganti kecap-kecap na :
Cara upamana
: leungeun diganti ku panangan,
Irung diganti ku pangambung, samping
diganti ku sinjang jst
Ari anu disebut basa resag atawa cohag mah nyaeta basa anu kasar pisan,
basa anu bisa dipake nyarekan atawa basa keur sato.
Contona : hulu – tangkorak Dahar – teuteureuy
Leungeun – kokod Balik – mantog
Suku - cokor Imah
– gogobrog jst
Hees – molor
Basa anu kitu mah biasana dipake ku jalma anu teu mantra pisan kana
didikan boh didikan kaagamaan boh didikan kasakolaan.
Da jelema anu geus ngambeu pangajaran mah, entong
boro ka deungeun ka anakna oge sok make basa lemes, komo ka budak anu leutik
keneh mah. Dina kentenna make basa lemes,sakurang-kurangna make basa biasa
nyaeta anu diluhur disebut basa kasar tea (basa loma)
No comments:
Post a Comment