Undak Usukna
Basa
Aya ni boga sangkaan, yen kiwari
dina jaman demokrasi, ku sabab jelema sarua hakna, basa ge kudu sarua bae nu
dipake ku unggal jelema teh. Nyaeta basa kasar. Tapi ari rereana mah
pamadeganana teh lain kitu.
Tetela hakna unggal jelema di negara
demokrasi kudu sarua, tapi ku sabab hakna tea, kudu sili kajenan. Silih hormat
deuih. Ari dina basa Sunda, pikeun ngajenan sarta ngahormat baturan teh nyaeta
basa lemes. Geuning omongan urang kanu sahandapeun atawa kanu leuwih ngora ti
urang oge sok diselapan kecap-kecap basa lemes, contona :
Mangga calik !” (Moal enya kasemah : gek diuk !” atawa “Bus Asup !”,
sanajan semah teh leuwih ngora atawa
taksiran urang sahandapeun urang ngan teu make leutong. “Mangga dieueut !”(Moal
enya kasemah nu teu pasti loma : “Rat geura inum!”)
Ku sabab eta undak-usukna basa teh
masih perlu keneh dipake. Ari anu disebut undak-usukna basa teh nya eta :
panta-pantana basa anu teu sarua kasiatnya, teu sarua sumpanana jeung dina
prakna nyarita urang kudu ngingeutkeun kaayaanana (umur jelema nu di
caritakeun) jadi ku urang babakuna perlu ditengetkeun.
- Naha nu dibawa nyarita jeung nu dicaritakeun teh
saluhureun, sasama atawa sahandapeun nu nyarita ?
- Naha nu dibawa nyarita teh geus loma pisan, wawuh
meueusan anyar panggih ?
Undak-usukna
basa jaman kiwari ngawengku :
I.
Basa cohag
II.
Basa kasar
III.
Basa Panengah
IV.
Basa sedeng (Basa lemes pikeun nu
ngahormat)
V.
Basa lemes
Baheula
mah undak-usukna basa teh aya 6 panta, nyaeta nu 4 tadi ditambah ku basa cohag
jeung basa luhur. Tapi jaman ayeuna mah basa cohag teh dipakena ngan keur
nyarekan. Lamun urang keur ambek (contona). Basa luhur geus jarang, nu make anu
teu mareunah, anu matak hina sarta ngarendahkeun darajat manusa.
Ayeuna urang titenan sarupa-sarupana
1.
Basa kasar (basa wajar atawa basa
loma). Istilah basa kasar saenyana teu meureunah,leuwih hade disebut basa wajar
atawa basa loma.
Ari dipakena kabatur anu geus loma. Pikeun nyaritakeun batur nu sejen
geus loma deuih.
Contona :
Geus beunang itungan teh, euy ?
Naha silaing lain kamari teu sakola ?
Ari si wardi teh geus cageur ?
Ka nu jadi kolot oge teu kurang anu
sok make basa loma bae, pangpangna di kalangan rayat biasa, upamana “Har
geuning aya ema ! Geus lila ma ? Mawa naon eta teh ?”
2.
Basa Panengah
Basa panengah dipakena ka batur nu sahandapeun, pikeun nyaritakeun sasama
anu teu loma atawa sahandapeun.
Contona :
“Bu, geus sina dahar mang Kardi teh ?” saur Pa Mantri geureuhna.
“Aya artos alit, cing nukeuran, Mang!” (ku sabab hayang ngahormat tea,
kasahandapeun oge make basa campuran lentangna, lentang sedeng basana diselapan
ku kecap-kecap lemes)
“Ulah waka mulang ayeuna tuh, mang ? (Kapanyawah upamana)
3.
Basa sedeng (Basa lemes pikeun nu
ngahormat)
Basa sedeng tumerepna ka awak sorangan atawa kanu lian anu kira-kira
satahapan jeung nu nyarita, lamun nyarita jeung saluhureun.
Contona :
Abdi teu acan neda
Enjing abdi bade mios teh
Rorompok abdi tebih ti dieu
Pun anak teu tiasa ka sakola, margi udur
Katerangan
Mun taya basa sedengna, nu dipake teh basa wajarna bae contona :
Abdi mah awaking ku hareudang mani teu tiasa di baju
Harita abdi hudang teh subuh-subuh
Ku abdi ditawar lima rupia
(Jadi ulah ngadaban maneh saperti : Abdi gugah tabuh genep)
4.
Basa Lemes
Ieu dipakena kasaluhureun jeung kanu tacan wawuh pikeun nyaritakeun
saluhureun.
Contona :
Iraha pisumpingeunana Uwa teh ?
Dupi Bapa iraha tea bade angkat ka Amerika teh ?
Naha telakan teh teu dicandak (ku pawadana)
Upama digambarkeun mah kieu, bagana undak-usukna basa sunda teh
1. Basa cohag
biasana dipake
ka sato atawa dina silih carekan.
Hulu ucing,
cokor embe, bangus sia djst.
No comments:
Post a Comment