Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Thursday, October 8, 2020

PERÉ SAKOLA

 


 

Dina wanci peré sakola panjang dina taun kamari anu pas pisan sareng taun baruan 2019, abdi sareng kaluargi angkat liburan sakola ka daerah puncak nuaya di bogor, jawa barat.

Puncak bogor mangrupakeun salah sahiji tempat lokasi wisata anu hadé ceuk abdi. Dimana didinya suasanana téh mani tiis sareng raos pisan, jabi loba tatangkalan, sarta kebon-kebon téh.

Teu heran seueur ogé jalmi-jalmi anu nganjang nu ngahaja ameng kadinya, komo deui lamun pas peré sakola atawa tanggal bereum mah, sapertos dinten sabtu saréng minggu pasti rame didinya.

Abdi sareng kaluargi ngendong di puncak bogor salami dua dinten, abdi ameng ka sababaraha loka anu éndah nu aya didinya, teu hilap ogé abdi nyempatkeun kanggo foto-foto keur update status di pesbuk, salajengna abdi ameng ka kebon téh sareng seueur deui anu sanesna.

Dina wengina, pas pisan badé taun baru 2019, abdi sareng sadérék kaluargi ngabeleum jagong sareng hayam heula didinya, katingali didinya geuningan seueur ogé jalmi anu keur bebeleman bari ngadagoan taun baruan.

Pokona mah, ceuk abdi mah didinya téh janten pangalaman anu éndah salami aya di daerah puncak bogor salami dua dinten éta téh. Pokona saprak kadinya, leungit sadaya hawa ka capé, stres, sarta pamikiran anu sanesna.

Teu hilap sateuacan abdi mulang ka bumi, abdi meser heula oleh-oleh sapertos taleus bogor, buah, sareng kaemaman liana pikeun engkina dipasihkeun ka réréncangan, sadérék, tatanggi di bumi engkina.

Nah, sakitu baé mung carita pondok pangalaman pribadi ti simabdi basa keur peré sakola panjang keur kamari. Hatur nuhun ka sadayana.


 

No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts