Nalika tampil euweuh bébédaan anu
jelas antara sisingaan modérn jeung sisingaan
tradisional. Gerakan jeung atraksi nu ngangkat singa,
mintonkeun gerakan anu sarua .Pintonan sisingaan dibarengan ku
sora tarompét jeung kendang jiga musik pencak silat.
Sapasang budak leutik anu maké baju adat sunda ditaékkeun kana
sapasang sisingaan anu diangkat ku opat panari (hiji singa digotong
ku opatan). Gerakan-gerakan jiga jurus silat dipintonkeun bari diseselaan
ku jaipongan, tarian has Jawa Barat.
Baheula pamaén sisingaan téh
dalapan urang lalaki anu ngagotong bonéka singa dibarengan ku saurang pamingpin
kelompok, sababaraha urang pamaén waditra jeung dua urang nu maénkeun
jajangkungan. Atraksi sisingaan ngahijikeun tilu unsur seni anu utama nyaéta
gerak tari atawa pencak silat jeung jaipongan, seni sora
gamelan kendang jeung gong, sarta seni busana anu dipaké ku para pamaénna. Para
pamaén sisingaan mintonkeun akrobat jeung tarian anu atraktif, rupa-rupa
gerakan ieu nyieun warga anu ningali pintonan ngarasa kahibur. Di tengah zaman
modérn jeung ayana budaya asing anu asup, sisingaan angger bisa lumaku
nepi ka kiwari minangka pintonan rakyat di daérah Subang, Jawa
Barat. Simbolisasi budak anu diuk luhureun singa salaku réfléksi
perjuangan pambébasan nasional pikeun ngéléhkeun kakuatan impérialis sarta
kompradorna di jero negri.
No comments:
Post a Comment