Titénan kalimah ieu di handap !
(1) Cara umum paimahan di
Éropah, imah di Paris umumna apartemén atawa flat nu rata-rata jangkungna 4-6 lantéy.
(2)
Ulah sok tulas-tulis
dina témbok WC !
Kecap rata-rata (1) jeung tulas tulis (2) dina kalimah di luhur
téh disebutna kecap rajékan. Kecap rajékan téh nyaéta kecap anu diwangun ku
cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, boh sabagéan atawa
sagemblengna. Nyusun kecap rajékan disebutna ngarajék (reduplikasi) .
Kecap rajékan téh jumlahna aya tilu rupa:
- Kecap rajékan sagemblengna, nyaéta
kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih kalayan
sagemblengna; sora jeung wangun kecapna teu robah. Kecap rajékan
sagemblengna aya dua rupa:
(1) Dwilingga
a. Dwimurni, nyaéta kecap
rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasar bari teu
dirobah sorana. Conto: buku-buku,
kuda-kudu, jste.
b. Dwiréka, nyaéta kecap
rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari
robah sorana. Conto: bulak-balik,
gulang-guling, jsté.
(2) Trilingga
Kecap rajékan
sagemblengna anu diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah
sorana. Contna: dar-dér-dor,
blag-blig-blug, jsté.
- Kecap rajékan sabagéan, nyaéta
kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sabagean wangun
dasarna, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan sabagéan aya dua rupa:
(1) Dwipurwa
Kecap rajékan
sabagéan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna.
Contona: tatajong, papaling, jsté.
(2) Dwimadya
Kecap rajékan
sabagéan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang tengah wangun dasarna.
Contona: sababaraha nu asalna tina
sabaraha.
Sumber: Panggelar
Basa Sunda, SMA/SMK/MA/MAK (2017)
No comments:
Post a Comment