Sistim organisasi masarakat Sunda
digundukkeun dumasar kana tilu rupa, nyaéta (1) kelompok umur; (2) sistim
pancakaki; jeung (3) ajén inajén kapamingpinan.
a. Kelompok Umur
Dina kahirupan masarakat urang Sunda,
masarakat téh dipasing-asing jadi génep kelompok nurutkeun umurna, nyaéta (a)
nu disebut orok, umur 0 – 12 bulan; (b) budak, umur 1 – 15 taun; (c) bujang
atawa jajaka (pikeun lalaki), lanjang, mojang atawa parawan (awéwé), umur 16 –
25 taun; (d) sawawa (déwasa), 25 – 40 taun; (é) tengah tuwuh (madya), umur 41 –
50 taun; jeung (f) kolot (tua) nu umurna 51 taun ka luhur.
Husus keur sebutan sawawa, nu umur 17 taun gé bisa disebut sawawa, asal
geus nikah (Sudaryat, 2014, kaca 16) Dina émprona gaul sapopoé, aya sebutan
sahandapeun, sasama, jeung saluhureun; aya deui nu disebut pakokolot supa,
hartina umurna teu pati géséh – bédana sataun atawa bubulanan. Unggal kelompok
umur miboga wanda gaulna séwang-séwangan.
Dina kelompok umur barudak aya nu disebut kaulinan urang lembur, upamana
waé: kakawihan, ucing-ucingan, jeung kaparigelan séjénna (nyieun kukudaan tina palapah
daun cau, nyieun wawayangan tina gagang daun sampeu). Dina sistim kamasarakatan
urang Sunda, umur téh nangtukeun strata sosialna, beuki kolot umurna, stratana
beuki luhur.
Éta téh katingali tina ungkara kalimah “sepuh ti payun, barudak ti
tukang”. Péta kitu téh pikeun masrakat urang Sunda henteu ngandung harti diskriminatif,
tapi leuwih ngutamakeun norma étika atawa kasopanan ka nu leuwih kolot. Mun kajadian aya budak ngora
tapi milaku kolot, disebut kokolot begog; sabalikna jalma nu geus kolot tapi masih
kénéh bubudakeun disebut aki-aki tujuh mulud mun awéwé disebut nini-nini beberenjén.
b. Sistim Pancakaki
Kahirupan masarakat
Sunda nganut sistim pancakaki bilateral hartina katurunan ti pihak bapa atawa
pihak indung henteu dibéda-bédakeun. Béda jeung sélér bangsa lian, sélér Batak – sistim patrilinéal,
katurunan ti pihak bapa; sélér Padang – sistim matrilinéal, katurunan ti pihak indung.
Pancakaki téh mangrupa unit-unit sosial anu miboga hubungan pernikahan,
hubungan darah.
Masalah pancakaki
dina kahirupan masarakat Sunda kawilang penting, lantaran upama kajadian aya
dua jalma panggih di panyabaan, nu pangheulana diseleser téh sual turunan bisi
aya patula-patalina: ti mana, saha rama, kapikumaha ka anu, jst. Tina hasil
pancakaki, lamun nétélakeun aya hubungan darah – duanana bagja, meunang kabungah dipanggihkeun
jeung baraya di panyabaan.
Ari di Wewengkon
Baduy (Kanékés) aya sesebutan Puun, hartina nyaéta nu dikolotkeun tur ngawasa
adat jeung agama, istri puun disebutna Puun Bikang. Enggoning ngajalankeun
kakawasaanana, puun téh dibantu ku Seurat (Kokolot Girang, Jaro Tangtu,
Tangkesan). Baduy téh dibagi jadi dua wilayah/daérah (Tangtu), nyaéta Baduy
Jero jeung Baduy Panamping.
Adat istiadat urang
Baduy teu kapangaruhan ku adat-istiadat luar. Hal ieu katémbong pisan dina basa
nu digunakeunana. Di Baduy teu dipiwanoh ayana konsép undak usuk basa, saperti
dina basa Sunda urang. Konsép undak usuk basa téh mangrupa pangaruh tina basa Jawa.
Najan urang Baduy teu ngagunakeun konsép undak usuk basa, teu ngandung harti
urang Baduy teu butuh ku silihhormat, tetep dina émprona mah maranéhna ogé silihhormat ku basa jeung
paripolah nu geus biasa dipaké jeung dilampahkeun dina hirup kumbuhna sapopoé.
c. Ajén-inajén Kapamingpinan Sunda
Sakumaha
anu kaunggél dina Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK) layeut tur
ngalagénana pamaréntahan téh ku ayana Tri Tangtu di Buana atawa Tri Tangtu di
Bumi, maksudna tilu katangtuan hirup di alam dunya: Sang Prabu, Sang Rama,
jeung Sang Resi. Sang Prabu minangka lambang Wisnu, Sang Rama minangka lambang
Brahma, jeung Sang Resi minangka lambang Iswara (Atja jeung Danasismita, dina
Sudaryat, 2015:19).
Sang Prabu
nyaéta pamingpin roda pamaréntahan (éksékutif), pamingpin formal, birokrat,
pamaréntah (presidén, raja) nu miboga kawijakan. Nu jadi Prabu kudu boga
falasifah “ngagurat batu” boga watek panceg, hartina taat jeung patuh kana
hukum enggoning ngajalankeun pamaréntahanana, teu ngarékayasa, éstu ngadék sacékna
nilas saplasna. Kudu patuh jeung taat kana hukum agama, hukum nurani, hukum
adat pon kitu deui hukum positif. Lamun pamingpin taat azas, mangka komunitas
nu dipingpinna bakal lumansung dina koridor anu bener.
Sang Rama
nyaéta golongan masarakat anu dikolotkeun pikeun ngawakilan di lembaga
legislatif. Sang Rama kudu boga filosofis “ngagurat lemah”, maksudna kudu bisa
nangtukeun naon anu bisa jadikeun titincakan. Fungsi Sang Rama nyaéta
ngawujudkeun kulawarga anu silih asih, silih asuh jeung silih asah atawa
kulawarga anu sakinah, mawadah jeung warohmah.
Sang Resi
nyaéta golongan masarakat nu boga pancén pikeun ngokolakeun hukum agama jeung
hukum darigama, hukum nagara (yudikatif). Sang Resi téh minangka simbul jalma
anu jembar ku élmu panemuna, pinter tur singér, ulama, guru anu mampuh ngatik
ngadidik geusan kamajuan bangsana. Sang Resi kudu miboga falasifah “ngagurat cai”
tegesna tiis tengtrem dina prosés peradilan nu ngandung harti jembar
No comments:
Post a Comment