Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Monday, October 10, 2022

TRADISI KABUDAYAAN NYUNATAN DI TATAR SUNDA

 



Di tatar Sunda, nyunatan teh hiji tradisi kabudayaan anu geus ilahar diayakeun di saban wewengkon. Upamana aya kulawarga anu boga anak lalaki sarta umurna geus genep taun, sok teu genah cicing. Hayang geura nyunatan anakna.

Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu disunatan, lantaran wajib hukumna mungguh ceuk agama Islam. Ilaharna budak anu disunatan teh umurna antara genep nepi ka dalapan taun.

Istilah nyunatan atawa sok aya oge nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat, hartina ‘turih’. Pangna aya kecap kitu lantaran baheula mah prak-prakan nyunatan teh ku cara nurih kokocop. Carana, kulit kokocop rarangan budak ditarik tuluy diasupan babango (pakakas kawas patlot).

Sanggeus dicapit, eta kulit kokocop teh tuluy diturih, tapi dikeureut nepi ka beresih. Jalma tukang nyunatan teh baheula mah disebutna bengkong, ayeuna mah paraji sunat atawa mantri sunat.

Prak-prakan hajat nyunatan di Bogor bisa jadi teu aya bedana jeung di wewengkon sejen. Upama aya kulawarga anu rek nyunatan, ilaharna sok ngayakeun babadamian kulawarga heula. Nangtukeun waktuna, saha paraji sunatna, kumaha kariaanana, jeung sajabana.

Dina waktuna, budak sunat teh sok direuah-reuah heula diraramekeun. Keur anu mampuh mah, sapoe samemehna budak sunat teh sok aya nu diarak tumpak kuda, mapay-mapay jalan bari dipirig ku tatabeuhan kendang penca.

Baheula mah, samemeh disunatan, budak sunat teh sok dibawa ka balong atawa walungan, sina ngeueum heula. Maksudna ngarah raranganana baal lamun engke dikeureut. Geus kitu tuluy dilahun dina korsi, pada nyarekelan sarta panonna dipeungpeunan, kakara disunatan.

Sanggeus brel dikeureut, kolot-kolot nu ngariung nyaraksian sok rampak nyarita: “Salamet! Salamet! Bela! Sok belana geura peuncin!” Bela nyaeta hayam anu dipeuncit sanggeus budak brel disunat.

Ayeuna mah henteu kitu. Budak anu rek disunatan teh henteu kudu sina ngeueum heula di balong. Subuh keneh teh sok langsung wae dibawa ka mantri sunat. Henteu dibaalan heula, brel wae tuluy dikeureut.

Rengse dikeureut, harita keneh ka budak sunat sok pada nyecep, pada mere duit minangka panyombo ngarah henteu ceurik. Ngarah bungaheun sarta bisa mopohokeun kanyeri.

 


No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts