Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Sunday, June 7, 2020

KD : WAWACAN & CARITA PANTUN



1.    Analisis Pupuh
a.    Ngaran pupuh dina wawacan : Asmarandana
b.    Jumlah pada                      : 22 Pada
c.    Jumlah padalisan ( 1 Pada )    : 3 Padalisan
d.    Guru wilangan & guru lagu    : 8-I, 8-a, 8-e/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a
e.    Eusi dina pada ka 1 & 2                :
Pada ka 1 : Ngambarkeun silih asih
Pada ka 2 : Kadeudeuh atawa kanyaah
2.    Jelaskeun naon harti jeung ciri-ciri wawacan
Wawacan nyaeta karya sastra nu eusina ngalakon, ukuranna Panjang sarta sok gunta -ganti pupuh.
Ciri-ciri Wawacan
·       Pupuh leuwih ti hiji
·       Naratif, tapi aya deskriptif
·       Aya palaku, latar, jeung alur
·       Relatif Panjang
·       Gelar dina wangun naskah, ditransliterasi, tuluy dicitak jadi buku
3.    Teangan hiji wawacan tuluy teangan manggalasastra, eusi plus kolofon dina eta wawacan
Manggalasastra
Kasmaran kaula muji,
Ka Gusti Ajawajala,
Nu murah ka makhluk kabeh,
Jeung muji utusannana,
Kangjeng Nabi Muhammad,
Nyaeta Nabi panutup,
Miwah muji sahabatna

(Wawacan Rengganis)

Kolofon:
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malem kemis
Ditanggal tujuh welasna,
Kaleresan bulan April,
Taun kangjeng Masehi,
Sarewu dalapan ratus,
Jeung genep puluh dua
Marengan hijrahna Nabi
Sarewu dua ratus tujuh puluh dalapan.

(Wawacan Panji Wulung)

No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts