Beranda

Welcome

Selamat Datang di Blog Sarana Informasi ...... Welcome on this blog...benvenuti nel nostro blog..bienvenue sur notre blog...Willkommen in unserem Blog... bienvenido a nuestro blog...... 블로그에 오신 것을 환영합니다 beullogeue osin geos-eul hwan-yeonghabnida....

Sunday, August 28, 2022

Pepeling (Bahasa Sunda)

 


1.     Hayu urang sarerea

Meungpeung keur hirup di dunya

Amal keur sampeureun jaga

Di ahir moal sulaya


2.     sabab maot ngadodoho

anus ok dipoho-poho

datangna teu mere nyaho

ngageretek teu aya tempo


3.     Taya Raja taya kuring

Dimana ajal geus sumping

Teu meunang tempo anaking

Taya beurang taya peuting


4.     Renghap Ranjug mungguh bingung

Nyawa nganseg na genggerong

Lisan geus teu bisa ngomong

Nu deukeut geus teu katembong


5.     Horeng ieu the sakarat

Di cabut ku Malaikat

Nyawa ngangseg mapay urat

Teu aya daya keur lumpat


6.     Ngajolopong dituruban

Diriung di tarungguan

Logodor datang pasaran

Rek kumaha pangharepan


7.     Mana harta banda kuring

Nu dipuhit beurang peuting

Cik, mana anu ngageuing

Geuning geus kieu mah kuring


8.     Harta anu gunung-gunung

Pakean duit satangtung

Nu sok dipake adigung

Kana solat mah sok embung


9.     Maot henteu angkaribung

Sagala harta teu nulung

Ngan boeh eujeung asiwung

Tambah ku kai keur padung



10.      Ema bapa geus teu nulung

Anak bojo ngarariung

Tatangga ge ulubiung

Sarerea pada bingung


11.      Ngaleut ngeungkeuy ngabandalaeut

Beuki deukeut beuki deukeut

Mayit anu meunang meungkeut

Kana logak rupek heureut


12.      Rup ku padung rap ku lemah

Poek mongkleng jeung teu geunah

Heunteu bisa tumaninah

Ngarumas teu cara diimah


13.      Mana batur mana dulur

Kabeh ge balik ka lembur

Sumawona nambihan umur

Heunteu maturan di kubur


14.      Hanjakal abdi hanjakal

Teu sadia bekel amal

Padahal geuning padahal

Ngan amal nu jadi bekel


15.      Geus entong arek sasambat

Heunteu guna geus kaliwat

Bongan di dunya teu solat

Teurang anu nasehat


16.      Lain meureun lain sugan

Da iyeu mah kanyataan

Pasti kabeh ngalakonan

Geuning awak urang pisan


17.      Ieu nadom parantosan

Mugi janten peremutan

Kasadaya ihwan-ihwan

Mangga urang laleunyepan


18.      Disuhunkeun hapuntena

Ka sadaya nu hadirna

Mangga urang sulih dua

Nu sami pada araya

No comments:

Post a Comment

About

Popular Posts